Blog ini adalah blog kenangan dari kelasku, GEZONE..
Blog untuk berbagi ilmu, berbagi cerita, berbagi banyak hal untuk kita semua ^_^
Love U.... ~~~ Nena ~~~

Kamis, 22 Maret 2012

Dongeng Santri Bodo

Aya santri pohara beletna.nepi ka mindeng jadi pamoyokan santri-santri liana.Mangtaun-taun masantren, can ngalaman hatam Alqur’an sakali-kali acan.boro-boro hatam Alqur’an,jampe solat oge ukur bae bias maca fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa arab mah, tinggaleun pisan. Tapi ari ngaliwet mah pang pinterna. Kabejakeun kanggo ku ajengan sagala. 

Loba babaturanana nu geus baroga pasantren sorangan. Atuh santri santri anyar jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manehna teu menyat menyat. Tungtung ngarasa era sorangan 
Era ku sasama santri, era ku ajengan. 
Tina geus teu nahan kaera, hiji poe manehna nepungan ajengan di bumina. Maksudna rek terus terang, niat balik ka lemburna. Barang tepung pok nyarita, “Ajengan abdi seja amitan, bade mulang ka lembur,” cenah.
“mulang teras, moal wangsul deui ka pasantren. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantren, teu aya pisan kamajengan.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah terus ngawurukan, sangkan ulah babari pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, cenah. Aya nu gancang bisa nangkep pangajaran, teu kurang-kurang anu butuh waktu rada lila, kakara manehna ngarti.
“ulah, maneh ulang mulang, mending balik deui ka pondok. Heg diajar leuwih rajin” saurna deui.
Tapi manehna keukeuh menta diidinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantren, mending sagawe-gawe di lembur. Diajar leuwih rajin”saurna deui.
Kusabab niatna geus pageuh, ahirna ajengan teu tiasa naon-naon.
“rek iraha maneh mulang, apan ayeuna mah geus burit?”
“bade enjing saatosna sholat subuh,” cenah, teu poho menta didungakeun.
Isukna, rebun-rebun pisan manehna ninggalkeun pasantren. Ti pasantren ke lemburna teh, lilana kira-kira sapoe, sajaba ti eta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poe kakara meunang satengahna. Hartina satengah poe, kakara nepi ka lemburna.
Lantaran ngarasa cape, ki santri eureun heula niat reureuh. Gek diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeunana kacida tiiseunana. Nu kadenge ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clakna cikaracak. Tapi, ku sabab cape, guhur manehna sare tibra pisan.
Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Ret ka luhur, panonpoe mimiti dengdek ngulon. Kop kana bekel bawana. Rengse dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu tina solokan leutik, teu jauh ti tempat manehna reureuh. Beres wudu, terus solat lohor luhureun batu lempar.
Tah, waktu manehna solat, sora cai nyakclak kadengena beuki jelas. Clak...clak....clak..., cenah, siga meunang ngatur. Meh bae solatna batal.
Tutas sholat, panasaran hayang nyaho asalna sora. Sabada diteangan breh.. katenjo, cai tina sela-sela batu, ngararayap mapay aakaran, memeh regrag ninggang batu lempar.
Ieu geuning asal datangna sora teh, geretesna. Ngan edas mani siga beunang ngatur. Sora ragragna ngalagu, sarta angger wirahmana. Persis sora tik-tekna jarum jam. Kalakuan cai ku manehna terus diperhatikeun. Ti mimiti barijil tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak rag-rag kana batu tea.
Ana diteges-teges, geuning batu anu kacakclakan cai teh nepi ka legok. Heg ku manehna dipikiran, batu sakitu teuasna bisa legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.
Heueuh, ari leukeun jeung sabar mah, cai nu ukur sakeclak-sakeclak bisa ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing...., tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pedah diajar ngaji teu bisa-bisa, gancang ngarasa eleh. Neupi ka milih balik ka lembur, ti batan diajar leuwih soson-soson.
Harita keneh manehna ngadigdig balik deui ka pasantren. Dina hatena manehna jangji rek leuwih rajin diajar. Ceunah eta boga uteuk kacida beletna rek nurutan laku cai. Teu bisa sataun, dua taun. Dua taun teu bisa keneh matak naon tilu taun. Sugan ari leukeun jeung sabar mah laun-laun kataekan.
Kajurung ku sumanget rek diajar leuwih getol. Leumpangna satengah lumpat. Atuh memeh magrib teh geus datang deui ka pasantren. Rasa era dumeh geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.
“aeh, geuning ilaing?” Ajengan keget nenjo santrina balik deui.
“Leres, abi ajengan,” cenah.
Memeh ajengan naros papanjangan, leuwih ti heula manehna ngadadarkeun lalakonna. Nyaeta manggihan cikaracak, ragrag nyakclak ninggang batu, nepi ka eta batu jadi logok.
“piraku abdi, manusa, kudu eleh ku cai,” cenah ka ajengan.
Ku sabab diajarna leuwih enye-enye, akitu taun ti harita, masantrenna teu burung tamat. Kabejakeun eta santri belet teh nepi ka boga pasantren gede, sarta sohor ajengan luhung elmuna.

Comments :

0 komentar to “Dongeng Santri Bodo”


Posting Komentar